SENJA








Wahai senja..
Masihkah kau tangisi kepergian seseorang yang pernah singgah di hati.

Wahai senja..
Masihkah kau mengingat dia saat bersama menatap kepergian mentari.

Wahai senja..
Masihkah tangan menggenggam harapan untuk hari esok.

Wahai senja
Masihkah mengingat dan mengenang rona merah menyelimuti hati.

Wahai senja
masihkah hatimu merasa kelu, merasakan sesaknya setiap kerinduan.

Wahai senja..
Kau Yang masih setia sendiri hingga takdir menunjukkan jalan siapa pemilik rindu ini. 

Parahiangan





KATINEUNG 

layung beureum anu namperkeun katineung
duriat nu geus mangsana manjangan, ka salira nu 
nyangsaya nyarandekeun hate
teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
ngagerihan, muntang hariwang
didieu pisan, cihujan nyangkaruk dina lamunan
naha imutna bet teu raat-raat
rumingkang mawa napak tilas
mangsa dua rasa ngagalura
pirang-pirang kalangkangna
miripis mungkas tembang girimis
guling gasahan, cuang cieung ngarasa keueung
nedunan katresna, ngagugulung kasono
kamemelangan…
layung koneng namperkeun katresna
namper wening jadi eunteung katineung
aya duriat nu manjangan, jungjunan
beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
mugia manjang, mugia salawasna aya dina ridho Gusti


NYAWANG 

Wuwung langit nu kasawang jangkung
ngawurkeun langgam hujan, halimpu nyulam puhu kalbu
meulah pikir maksa mieling lumampah diri
Geuning duriat teh lir gundam maca kelir langit
geumpeur ku honcewang ngadegkeun kahayang
ngundeur hariwang di galengan harepan jeung kanyataan
palangsiang boa kabagjaan sajati teh ukur kalangkang sulaya
Langgam angin, hiliwirna melang mapay gigir manah
Kahayang ngan ukur karasa sengitna memeh leupas
lir hate nu wasa wakca ukur ku wirahma aksara
nyambat ngaran panutan, mieling raray jungjunan
Estuning hariring manjang mapay peuting
milang kalangkang nepi raat di tepas balebat
cipruk ku girimis tunggara, inggis di tengah sagara rasa
Nyaan, wuwung langit nu kasawang jangkung
Aya kukupu eunteup ngeukeupan bangbaluh
karasa raheutna, mung eleh ku leubeutna geugeut


Moal Lapur

Hanas diri bungah ati
nganti jangji pasinina
harianeun pasini pegat di jalan,…duh geuning
balukarna tina asih malih warni jadi peurih
Impian biheung kasorang,…jungjunan
hariring ati nu kingkin….
Hanas diri dinyari-nyari
nganti panggih kapaut ati
harianeun anjeun,naha bet meuntas leupas…
Duh geuning cinta mah pinuh rusiah
mipit langit ku hate nu lungse, Gusti
bagjakeun jungjunan, 
raga iklas bibilasan….


AYA SORA 

Nyatana hate mah teu wasa nahan wakca
sanajan ungkara dibaheum, sanajan tunggara disidem
Nyatana cinta mah sumerah manah
ngawarah caah amarah, nyimbeuh seuneu kageuleuh
Nyatana panutan mah ngarusiah dina hate nu simpe
nguliat nyoo tibelat, nguniang milang kahayang
Nyatana jungjunan mah gentra kanyaah
  • satia ngayuga rasa satungtung hirup